sumur bandung
Sumur Bandung
Sumur Bandung, Sumur KarahayuanSumur Bandung mèrè karahayuan ka rahavat BandungSumur Bandung mèrè karahayuan ka Dayeuh BandungSumur Bandung rahayuning Dayeuh Bandung (Bandung 25 Mèi 1811. Radèn Adipati Wiranatakusumah II)Kawasna teu loba anu apal kana tulisan di luhur. Éta tulisan téh mangrupa prasasti nu jadititimangsa ayana sumur Bandung. Dina éta prasasti jelas pisan ditulis Sumur Bandung mérékarahayuan ka rahayat Bandung.Sumur Bandung téh mangrupa cikal bakal lahir jeung ngadegna Kota Bandung nepi ka ayeuna.Hanjakalna, ayana Sumur Bandung téh teu loba dipikanyaho boh ku urang Bandungna sorangan boh ku urang ti luar Bandung. Padahal, lamun ditilik tina saiarahna, Sumur Bandung téh perenahna di puseur Kota Bandung.Sumur Bandung dijieun ku Adipati Wiranatakusumah II dina tanggal 25 Méi 1811.
Teu jauh tiéta tempat diwangun ogé Masjid Agung, Pendopo Bupati, jeung alun-alun. Kiwari, SumurBandung téh perenahna di tukangeun Kantor PLN Cabang Jabar-Banten, Jln. CikapundungTimur Bandung, atawa kurang Ieuwih 100 méter wétaneun Alun-alun Bandung tur pagédéng-gédéng jeung Jln. Asia Afrika Bandung.
Perenahna mémang rada nyingkur, lantaran kahalanganku Gedong P LIN, padahal mun geus dijugjug mah Sumur Bandung téh ayana diwewengkon bagian tukang gedong PLN.Pa Engkus Kusnadi, anu nyesepuhan di Sumur Bandung, waktu jumeneng kénéh dina taunkungsi nyaritakeun sajarahna. Cenah gé kieu: Cék ujaring carita, Sumur Bandung téh didamel kuBupati Bandung ka-2, Radén Adipati Wiranatakusumah ll. Harita, samulihna ti Subang, kairingku para ponggawa Radén Adipati Wiranatakusumah IIreus di hiji Ieuweung. Anu dipimaksudIeuweung dina ieu tulisan nya éta tempat anu ayeuna jadi Sumur Bandung téa. Bakat kunahnay,kawuwuh tos jengkarti tempat anu tebih, Radén Adipati Wiranatakusumah II nyarandékeun salirana kana hiji tangkal gedé.Teteken nu dicandakna, ditancebkeun kana taneuh.
Lajenganjeuna mah kulem ditungguan ku para ponggawa satiana.Kira-kira meunang sapanyeupahan, Radén Adipati Wiranatakusumah IIlugay, ngadeg, terasnyabut tetekenna. Barangteteken dicabut, tina urut teteken téa ngaburial cai. Ceuk ujaring carita,salasaurang ponggawa tumanya: "Gamparan, geuning tina tilas teteken téh kaluar cai, dupi étacai naon?""Enya... éta cai Sumur Bandung. Cai nu isuk jaganing géto bakal jadi kahuripan jeungkarahayuan urang Bandung,"' waler Radén Adipati Wiranatakusumah II.Satuluyna, cenah, kukasaktén Raden Adipati Wiranatakusumah nu jelashenteu samanéa,dina waktu sapeuting, urut teteken téh dijadikeun sumur. Teu aya anu apal kalayan pasti sabaraha jerona Sumur Bandung téh. Ngan anu geus pasti, kaahèngan Sumur Bandung tèh, ti baheula nepika ayeuna caina teu kungsi saat jeung teu kapangaruhan ku cai solokan Cikapundung nu ayawètaneunana tur kawates ku tèmbok Gedong PLN. Cai Sumur Bandungcanèmbrang hèrang .Lian ti éta, nimba cai ti Sumur Bandung teu bisa sagawayah, kudu tartib jeung ditimba ku jalmaanu dipercaya ku sesepuh (harita Pa Engkus Kusnadi tèa) atawa jalma anu geus biasa. Timbanaémbér leutik disambung ku tali rapia anu panjangna kurang Ieuwih saméter
tata cara anu kudu dilaksanakeun keur sing saha waè anu rèk datang ka Sumur Bandung.Awak kudu dina kaayaan beresih atawa boga wudu. Keur jaman almarhum Pa Engkus Kusnadimah, mun aya tamu nu ngahaja ka Sumur Bandung tur can katingal ka cai, sok diparéntah kuduwudu heula. Kaharti ari kituna mah, lantaran masarakat anu datang ka Sumur Bandung biasanasok ngadon ngadu'a. Jadi pantes mun urang kudu boga wudu oge.
Lian ti éta, salila aya diwewengkon Sumur Bandung teu meunang héhéotan, ribut jeung teu meunang suaban. Mun étadirempak, cenah tinggal ngadagoan akibatna.Kiwari Sumur Bandung téh geus kaasup situs nu aya di Kota Bandung. Tangtu wé kududipiara, dimumulé, turdiwanohkeun ka balaréa. leu hal luyu jeung Peraturan Daerah (Perda)Jawa Barat Nomer 7 Taun 2003, ngeunaan " Nilai Sejarah dan Benda Kepurbakalaan".
Tapikumaha buktina? Teu kabéh urang Bandung apal lamun di sabudeureun Gedong P LN deukeutalun-alun Bandung, aya situs anu ngandung ajén sajarah Bandung. Malah duka kumaha nasibnamun Sumur Bandung aya saluareun gedong P LN jeung teu diurus ku pagawé kantor PLN? Boa- boa bakal jadi situs nu taya ajéna.Tina hasil wawancara jeung Bapa E. Kusnadi(Karyawan PLN Distribusi Jabar — Bantenogé sesepuhSumur Bandung ) dina taun 2005.
daftar pusaka: https://www.scribd.com/document/553710109/Sumur-Bandung-Sumur-Karahayuan-Materi-Baca-Carita-Babad-2
nama kelompok: 1
anggota : 1.MUHAMMAD IBRAN RAMADHAN
2.ZAYD ABDURRAHMAN ENDIRA PH
3. Syech condiaz GANTENG
4. RIDWAN MAULANA
5. AZKA GHAZALI DHAFAN
6. RENO MARADINA
Bagus , kurang jelas
BalasHapusBAGUS,SUARANYA LANTANG
BalasHapusBagus
BalasHapusbagus
BalasHapusLumayan, tapi tadi kurang jelas. tolong nnti selanjutnya di lantangin suaranya
BalasHapusBagus, terlalu cepat membacanya
BalasHapusoke
BalasHapusaluss, ngan aya kecap anu salah omong
BalasHapuskerennnzzz
BalasHapusseserian waee😭😭
BalasHapusmantap
BalasHapusMacana teu lancar
BalasHapusMacanan teu jelas loba becanda
BalasHapusRifda = baguss kecepetan bacanya
BalasHapusbagus bagus walopun seserian wae tapi na mudah di paham!!🖐🏼
BalasHapusMantap keren bagus raul
BalasHapusorang nya ketawa2,marah2
BalasHapusBagus banget 💯
BalasHapus